Es Lilin

by Nining Meida

Es lilin mah
Didorong-dorong
Dibantun mah
Dibantun ka Sukajadi

Abdi isin ceuceu
Samar kaduga
Sok sieun mah aduh
Henteu ngajadi


Es lilin mah ceuceu
Buatan Bandung
Dicandak mah geuningan
Ka Cipaganti

Abdi isin jungjunan
Duh bararingung
Sok inggis mah aduh
Henteu ngajadi

Itu saha dunungan?
Nu nungtun munding
Digantelan geuning
Ku sapu tangan

Itu saha dunungan?
Nu ginding teuing
Sihoreng mah aduh
Geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu
Dikalapaan
Raosna mah geuningan
Kabina-bina

Abdi alim dunungan
Paduduaan
Sok sieun mah
Dibantun kamana-mana

Kamana mah dunungan
Ngaitkeun kincir
Kakaler mah aduh
Katojo bulan

Kamana mah dunungan
Ngaitkeun pikir
Sakieu mah aduh
Panas hatena



0 reakchie pemuchiek:

Quchie

Muchiek

Muchiek adalah blog chie yg kedua, yang isinya lirik lagu-lagu Indonesia.

Kalau ada temen yang mau request lagu, bisa tinggalkan pesan di "chiet chat" (bawah) atau bisa juga kirim email ke muchiek[at]gmail.com. Atau temen-temen punya lirik lagu bagus? boleh donk dishare di sini, kirim aja ke alamat emailnya.

Terimakasih.


..Quchie..

Chiet-chat